Wilujeng Sumping Di Desa Girimukti Kec. Singajaya Kab. Garut Propinsi Jawa Barat

WARUNG CIJUDAH

Senin, 16 Agustus 2010




WARUNG CIJUDAH

Keclakna cai hujan tina tangkal Kiseureuh
Dipapaes ku halimun ngupuk jadi saksi satia
Waktu kuring Ngalamotan anjeun cipruk ku ciduh
Anjeun teu wangkelang, teu ngurihit-ngurihit acan
Sok sanajan awak anjeun cipruk kasimbeuh kesang kanikmat

Emh....Neng Loly rasa anjeun gening mani amis
Dikolomoh, dikecrok, disedot ku kuring
Kacida nikmatna...bari reuhreuy ngararasakeun kacape
Ngalungsar di hareupen Warung Cijudah

Loly...Loly...sok sanajan diri anjeun ngan dihargaan 500 perak
Tapi....Nuhun geus mere kanikmatan ngecrok ka kuring...
Anjeun pasesedek dina tempat nu heurin
Ngagoler dina keler Warung Cijudah

Cijudah, Medio Juli 2010

0 komentar:

Posting Komentar

 
"NIKMATI AROMA MANTAP DARI TEH HIJAU PD NUGRAHA GIRIMUKTI"