Wilujeng Sumping Di Desa Girimukti Kec. Singajaya Kab. Garut Propinsi Jawa Barat

SI KANCRA

Minggu, 29 Agustus 2010


KANCRA

Ceuk batur mah ngaran maneh teh mirip jeung lauk
Tapi pikeun kuring Kancra teh ngandung sajarah
Hiji bukti yen sugihna hirup kuring bakal dimimitian hirup jeung maneh
Sok sanajan maneh sato, tapi bahasa maneh geus kasurti ku kuring

Hiji waktu kuring yakin...
Bakal aya saurang juragan anu datang ti kota
Bogoheun ka maneh, kapentang tali asmara
Teu euleum-euleum eta juragan bakal meuli maneh saharga 150 juta
Wak...wak...wk..wk...wk...jadi Aing nu beunghar Kancra....

Hanjakal....kuring kaburu lilir...
Emh, gening geus wanci asar ieu teh
sakeudeung deui Si Kancra menta diparab
Sanajan cape, kapaksa indit ngarit bari ngabuburit

Cikubur, Medio Agustus 2010


0 komentar:

Posting Komentar

 
"NIKMATI AROMA MANTAP DARI TEH HIJAU PD NUGRAHA GIRIMUKTI"